sribu

728x90.id

Thursday, September 29, 2016

KICEUP CEULEUYEU ANU PANGANGGEUSAN


“Demi wanci, saéstuna manusa téh aya dina karugian....”. (Q.S. Al-Ashr: 1-2).
Sumiratna cahaya fajar nyingraykeun udat-udat balébat di beulah wétan. Meletékna srangéngé ngagésér lalangsé poé, tuluy peuray ku datangna mangsa carangcang tihang anu ngamimitian muka remeng-remengna kahirupan. Rongheapna wanci haneut moyan peruh muragkeun bekuna cai ibun. Panon-poé anu geus mimiti morérét, dipapag ku mangsa rumangsang minangka siloka panas nyongkabna hawa dunya anu entak-entakan. Panon-poé anu ujug-ujug ngumbul téh manceran aya luhureun embun-embunan. Dunya mingkin panas ngahareudangkeun pangeusina. Manusa jadi tonggoy, poho tur kalalanjoan. Beu, hanas jongjon, geuning panon-poé téh geus méngok ngulon. Tapi manusa beuki tungkul dina kahirupan anu ukur sajongjongan. Panon-poé tuluy nyurungkuy muru tunggang gunung, ngudag mumunggang tanduk sétan tuluy nutug muru sariak layung. Panon-poé téh nyusup di tempat surupna.
Geuning kitu ari kahirupan. Waktu anu ukur sagurubug mangsa anu ngan sajorélat téh ngokop ngabongohan. Umur anu geus mimiti surup sareupna téh kari nunggu-nunggu dawuh mangsana dipundut ku Nu Rahayu.
Bareng jeng gederna jantung manusa anu leuwih ti 100 rébu kali dugdegna. Dituturkeun ku ngabelesurna getih ngajugjug perjalanan 168 juta mil. Teu kurang ti 20 rébu kali rénghapna napas bareng jeung diseuseupna 483 méter kubik hawa. 25 rébu kecap anu diomongkeun kaasup omongan anu cangkorang-bongkang. Rantengna 750 urat anu digerakkeun. Buuk anu manjangan 0,94353 cm. Manjanganna kuku 0,00012 cm jeung oyagna 100 milyar sél otak. Anu sakumna éta teu reureuh gawé dina sapoé sapeutingna.
Geuning tina welasan rébu kiceup mata anu dipeureum-beuntakeun téh aya kiceup anu tinggaleun. Kadé, sakeudeung deui urang téh baris manggih keukeueung anu keuteur nyaéta mangsa adu hareupan jeung ”KICEUP CEULEUYEU ANU PANGANGGEUSAN”.
Imam Ghazali kalawan tatag nataan tahapan leupasna nyawa tina kurungan raga. Yén “Nyawa anu disurung tina indung suku, tuluy nyurungkuy maju nuturkeun buku-buku sakujur anu ujug-ujug kaku jeung lalinu. Nyorodcodna suku jeung haroshosna ambekan anu tuluy ngangsreg nyedek bareng jeung ngangsrodna roh anu noyod nepika jogna anjog lebah tikoro”. Nyawa melag dina elak-elakan siga anu teu wasa ninggalkeun panineungan tapi ahirna maksa leupas tina kurungan. Angen nyesek, ambekan beuki nyelek, awak asa aya anu nyacag lir tilu ratus kali cacagan pedang tina liwating nyerina sakarat. Dunya anu tadina caang jadi reupreupan. Samar-samar naon anu aya sakurilingeun tilem. Ti dinya poék mongkléng butarata. Roh ngagolosor tina tikoro nyawa paturay jeung raga. Nu aya tinggal lonjorna jasad bugang anu ngababatang.
Tapi édas, teu kabéh manusa bisa kasuat ku katerangan ‘tersirat’ éta. Anu puguh mah napsuna mingkin murugul lir bitu,lampahna lir euwah-euwah. Pirang pirang anu umur geus cueut ka hareup, hirup geus bau taneuh téh lain heungkeut-heungkeut reureuh tapi malah beuki macikeuh. Hirup anu geus tokoh-tokoh téh kalahka pareumeun obor. Paingan dawuh Nabi SAW:
“Manusa kakolotnakeun téh dituturkeun ku dua perkara anu terus ngarobéda nyaéta cinta harta jeung miharep umur panjang”. (H.R. Bukhary).
Rasululloh SAW mairan wejangan ngeunaan hadé goréngna umur panjang. ”Hadéna, leuheung basa mun teu tuluy pikun turta umur panjangna téh kebek ku kahadéan. Goréngna, mun seug umur geus siga tunggul kahuru tapi lalampahan beuki mangprang édan”. Na’udzubillah....!
Atanapi hirup ukur rubuh-rubuh gedang jeung cacag nangkaeun. Sakapeung sadar lolobana édan. Éstuning tara parat dina milampah kahadéan. Siga anu enya deukeut ka Pangéran nalika katidereksa, tapi jauh jeung mangprung nalika geus ucul tina karipuh. Panon anu bonconong téh ukur bisa bolotot nempo ka kolong. Tapi nalika diparéntah pikeun ngambah ahérat mah siga anu katarak. Hirup ukur pinuh ku béngbatan haliah dunya. Padahal dawuh Alloh SWT:
”......Taya lian ari kahirupan duniawi téh anging ukur fatamorgana kaulinan anu misleuk”. (Q.S. Al-Hadied: 20).
Sok komo mun dibabadkeun jeung kahirupan ahérat. Saperti isyarat hadits anu direalis ku Imam Muslim, ”Haliah dunya téh lir sakeclak cai lautan anu ngeclak tina tungtung curuk....”.
Pangadé-ngadé ti Alloh SWT anu kaunggel dina Q.S. Thâhâ ayat 131:
“Poma aranjeun rék kagoda ku léléwa haliah duniawi anu geus diawursitakeun ka jalma kapir. Sabab éta téh kembang cucuk kahirupan anu tadina keur nguji maranéhna. Jeung ari kurnia Alloh éta ieuwih hadé tur lana.
Diantara du’a Nabi SAW:
“Ya Alloh, teu aya kahirupan anging kahirupan ahérat”. (H.R. Bukhary-Muslim).
Saréréa kudu tenget, yén hirup téh ukur nganjrek tur sakuciwek. Loba anu ngalantrah dunya tapi ahirna pugag jeung lalampahan lantaran salah udagan.
‘Demi wanci, saéstuna manusa téh aya dina karugian’. Geura tatan tatan pikeun mulang ka sarakan anu hakékat nyaéta ahérat kalawan kebek ku ‘amal anu maslahat’. *** (BD No 437, E I)

No comments:

Post a Comment

post a comments