sribu

728x90.id

Saturday, March 24, 2018

SING LIR LANGIT CANGRA



Konsép hirup téh kawilang basajan, matak ‘énjoy ajé’. Naon susahna tunduk kana aturan hirup Anu Maha Luhung. Hirup sing karasa uyah gulana. Teu perelu luhlah jeung humandeuar. Mun sabar tawekal, tangtu baris ni’mat dina ngalakonanna. Ceuk nu ngadéngé, “Deuh, kuat ka énteng kitu nyarita, mémangna gampang?”. Ieu jelema susah amat, can nanaon geus susah tiheula. Geura gelar kahirupan kalawan rubak dada.
Sangkan caang narawangan dina nyanghareupan sugrining pasualan. Hirup “Sing Lir Langit Cangra”. Béngras tur taya aling-aling. Caangkeun haté sing cangra. Peuraykeun kalbu tina reueukna pepedut hirup.
Dawuh Allah Ta’ala : “..... Sing inget, ngan ku cara dzikir ka Allah haté baris ginulur tengtrem”.
Mun hirup geus tumaninah napak dina ugeran ‘Qur’an Sunnah’, dzikir téa kasebutna. Iwal éta anu baris ngaantarékeun haté, ningtrimkeun ati turta ngaguligahkeun rasa.
Pirang-pirang jalma anu hirupna caliweura lantaran lésot ugeran. Hirup ukur ngaberung napsu ngumbar amarah, tunggul dirarud catang dirumpak, lat poho di temah wadi, teu wawuh hukum pardu teu apal batal haram.
Lebah dieu, saréréa kudu bisa nguyab ucing-ucingan logika kahirupan. Naon rugina jadi jelema anu sabar tinimbang aral-subaha. Geuning jelema anu sabar jeung aral dina nyanghareupan pasualan hirup téh sarua pada nepi ka poé isuk jeung pagéto maot, ngan hasil anu béda. Sabar hasilna lugina, bagja sajatining bagja. Anapon aral mah hasilna kaduhung anu teu manggih tungtung.
Kanca, geura caangan haté sing cangra, lir langit béngras anu narawangan***( E I, BD 455)

No comments:

Post a Comment

post a comments