sribu

728x90.id

Tuesday, March 19, 2013

SASAKALA GUNUNG PAYUNG



Kacarioskeun Syékh Abdul Muhyi di Pamijahan ngagaduhan dua murid anu pinter tur luhur budina. Dua murid éta disauran ku Syekh Abdul Muhyi.
Syekh Abdul Muhyi     :    “Jang,... ngahaja ujang duaan disaur ku mama, margi mama ngauninga kapinteran hidep duaan”.
Santri                            :    “Mangga mama, aya pikersaeun naon?”
Syekh Abdul Muhyi     :    “Ujang duaan téh tamat nampi élmu ti mama, mama ngahaja ujang duaan teras ngawuruk santri-santri nu aya di dieu”.
Sanrti                            :    “Sumuhun mangga mama, namung hatur punten, salami mama teu aya, abdi duaan bade mios ti dieu”.
Syekh Abdul Muhyi     :    “Nya ari tos ngalaksanakeun paréntah mama mah pék téh teuing”.
Salajengna éta dua santri teras ngawuruk murid Syekh Abdul Muhyi anu sanés. Tapi saba’da Syekh Abdul Muhyi pupus, dua murid éta henteu neraskeun ngawuruk di Pamijahan, tapi aranjeunna angkat milari deui tempat anu sanés, kanggo ngamalkeun élmuna.
Ti Pamijahan arenjeunna angkaat ngalér sasarengan, dugi ka wewengkon Tasik aranjeunna reureuh bari badanten.
Santri I                          :    “Urang duaan ayeuna aya di béh Tasik, kuring bakal neruskeun perjalanan ka béh kalér, cik kamana anjeun rék neruskeun perjalanan?”
Santri II                        :    “Abdi mah badé ka wétan, badé milarian tempat nu tiis”
Santri I                          :    “Atuh urang ayeuna bakal papisah, hampura akang nya!”
Santri II                        :    “Dihapunten pisan, mangga pileuleuyan”.
 Bral duanana arindit bari papisah jalan. Nu saurang ngalér, nu akhirna gaduh padumukan di Cirebon, nu saurang deui ka wétan, nu akhirna gaduh padumukan di hiji puncak gunung. Anu ka wétan mah ngahaja milarian tempat anu tiis, tenang, pikeun babakti ka Gusti. Malah ti éta gunung anjeunna tiasa tafakur, syukur ka gusti, tiasa dugi kalayan salamet ka puncak gunung.
 Ti éta gunung jelas mantak waas upami ninggali ka beulah kalér nyaéta ka Cirebon kalayan mantak waas upami ninggali ka béh kidul tegesna ka laut Pangandaran.
Anu dumuk di puncak gunung teh wastana Kiayi Tutus Gumulung, di sarengan ku anak buahna Ki Jaga Bero. Aranjeunna di éta gunung teu ngamuridkeun, estuning seja babakti ka Gusti.
Kanggo nyumponan katuangannana, aranjeunna sok gawé bareng jeung penduduk nu aya di suku gunung. Penduduk suku gunung ngésto pisan ka kiayi, margi rumaos aya nu mimpin tur ngaraos tentrem saparantosna aya kiayi, asa aya nu mayungan tina sagala bahaya, dugika penduduk suku gunung nyebatna GUNUNG PAYUNG.
Ku ngaraos ajrihna ka kiayi, penduduk teu wantuneun nincak ka éta gunung. Upami aya tuangeun kanggo kiayi sok dianteurkeun dugi ka Batu Langkoban, nyaéta palataran nu iuh ku gedéna batu. Ti Batu Langkoban sok dicandak ka puncak gunung ku Ki Jaga Bero, ku seringna rahayat nganteuran kiayi, maranehna nyebut dirina pagawé luar atawa gawé luar. Nepi ka ayeuna éta lembur disebut AWILUAR.
Kacarioskeun kiayi pupus, nembé harita pisan penduduk Awiluar nincak puncak gunung basa ngiring ngubur jasad kiayi. Ku ngaraos ajrihna téa ka kiayi, tempat rereb kiayi dicirian lebah-lebahna; aya tempat kulemna, aya tempat nampi tamuna, aya tempat dapurna sareng aya makamna. Dina makam dicirian deui ku batu anu numutkeun élmu sajarah disebut ménhir.
Dugika ayeuna éta makam sok diberesihan ku juru kuncina dina bulan Rajab, bulan Mulud sareng sateuacana lebaran. Malihan sok seueur nu dongkap unggal daérah anu seja badé ngado’akeun ka kiayi, malah mandar nu ngado’akeun tiasa kapayungan ku ridho Illahi.
Gunung Payung téh ayana di Tasik béh wétan, pernahna aya di Kecamatan Karangjaya Desa Sirnajaya Kampung Awiluar

No comments:

Post a Comment

post a comments